Tugas Kelompok kueh bolu
Di dinten minggu nu kalangkung, abdi sareng rerencangan saurna kedah ngadamel kueh pancen kerja lelompok ti sakolaan. Abdi, Amel, sareng azka sasarengan minangka hiji kelompok.
Disakolaan keneh, abdi tos ngusulkeun kanggo ngadamel kueh bolu, sareng rerencangan sadayana satuju kana usul abdi. Sabab salian gampil, bahan-bahana kanggo midamel kueh oge kawilang gampil dipilarian sareng hargana teu awis.
Isukna sakigaran Jam 4 sore, abdi sareng dua rerencangan abdi tos kararumpul sadayana. Abdi, Amel sareng azka sasarengan ngadamel kueh teh di bumi abdi. Artos sadayana parantos di siapken samemehna, kitu oge sareng parabotan masakna.
Sapertos beres abdi sareng rerencangan midamel kueh bole rerencangan abdi aruih KA bumi na masing². KA enjing na ku abdi kueh na di candak KA sakola abdi sareng rerencangan abditeh kalompok ka1 jadi maju na mimitian Jang presentasi tentang kueh bolu eta ku abdi sareng rerencangan abdi di presentasiken tentang cara nyien na jeng bahan² naon wae anu di pake kanggo kueh bolu eta, saentosna abdi beres presentasi ternyata nilai anu pang alusna kelompok abdi sareng rerencangan sabab Tina rasa sareng cara presentasi na anu Alus jadi abdi sareng rerencangan ngadaprteken nilai A.
TAMAT.